PIEUNTEUNGEUN: RAJA HISKIA

Hiskia, hiji raja anu kamanah ku Gusti Allah. Anjeunna ngayakeun sababara parobahan pikeun kamajuan karajaan Yuda. Anjeunna mingpin urang Yuda sangkan leuwih taat kana pangersa Gusti Allah ku cara ngabasmi brahala-brahala anu matak ngaruksak iman bangsa Yuda. Tapi samemeh sadaya parobahan tea rengse, brek Hiskia udur parna.

Perjoanganana beuki beurat lantaran harita karajaan Asur narajang karajaan Yuda. Leuwih ti eta, Hiskia kudu bajoang waktu nabi Yesaya nepikeun beja yen anjeunna bakal maot, sedengkeun karajaan Yuda oge tacan nangtukeun ahli waris tahta lamun heg Hiskia maot. Hiskia henteu nyerah kana kaayaan anu geus ditangtukeun. Anjeunna tetep usaha sangkan doana dimakbul ku Gusti Allah.

Hiskia udur, samar kana damang deui. Lajeng nabi Yesaya putra Amos sumping, sarta nyarita ka raja: “Timbalan PANGERAN, Sang Raja geura wewekas, margi moal damang deui.”

Hiskia malik ebogna mayun kana tembok tuluy sasambat, “Nun PANGERAN, masing emut yen abdi ngawula ka Gusti teh kalayan satia satuhu, naon sapangersa Gusti salamina ku abdi dilakonan sakiat-kiat,” saurna bari nangis sesegruk.

Gusti Allah ngawaler doa Hiskia: “Kami, PANGERAN, Allahna Daud karuhun maneh, geus kagugah ku panyambat jeung cipanon maneh. Heug maneh ku Kami rek dicageurkeun, tilu poe deui oge maneh geus bisa deui leumpang ka Bait Allah. Umur maneh ku Kami ditambah lima belas taun deui. Tur maneh jeung ieu nagara Yerusalem rek diluputkeun ti raja Asur. Ieu nagara ku Kami rek diraksa, pikeun miara kamulyaan Kami jeung ku sabab Kami geus jangji ka abdi Kami Daud.”

Ilustrasi: Raja Hiskia ngabasmi panyembahan brahala di karajaan Yuda

Ti dinya Yesaya ngawartoskeun ka ponggawa yen sang raja bareuhna kudu dipopokan ku buah kondang, tangtu damang.

Saur raja Hiskia ka Yesaya, “Naon kangge tawisna yen leres PANGERAN bade nyageurkeun deui teh sareng tilu dinten deui kaula bakal tiasa deui ka Bait Allah?”

Saur Yesaya, “Tawisna ti PANGERAN yen Mantenna leres-leres bakal ngabuktoskeun pangandika-Na, nya eta kalangkang tangga. Kahoyong sang Raja kumaha, naha kalangkangna teh sina majeng atanapi sina mundur sapuluh gurat?”

Saur Hiskia, “Sina majeng mah gampil. Jadi sina mundur sapuluh gurat.”

Yesaya neneda ka PANGERAN, seug kalangkang tangga anu geus maju dina kalang buatan Raja Ahas tea mundur deui sapuluh gurat.

Tina riwayat raja Hiskia, aya dua hal penting anu ku urang bade ditalungtik tina kitab 2 Raja-raja 20:1-11, nyaeta ningali kumaha kaayaan hirup Hiskia harita, sareng ku naon pangna Gusti Allah kersa ngadangukeun doa-doana tur nyageurkeun Hiskia?

Kahiji, kumaha kaayaan hirup Hiskia harita? Hirup Hiskia ripuh lantaran gering parna, sarta dawuhan Gusti Allah netelakeun yen anjeunna bakal maot sabab geus teu bisa diubaran (ayat 1).

Sanajan harita udur, teu bisa diubaran, tetela Hiskia eling keneh, ngadoa ka Gusti Allah. Anjeunna miharep sih piwelas Gusti Allah, dumasar kana dawuhan Gusti Allah (ayat 2-3).

Hiskia percaya ka Gusti Allah, tapi anjeunna sanes jalma sampurna. Anjeunna cangcaya, nyuhunkeun ciciren (ayat 8).

Kadua, ku naon pangna Gusti Allah ngamakbul paneda tur nyageurkeun Hiskia, sanajan hirup Hiskia saperti kitu? Sabab Hiskia gaduh pangalaman hirup anu sae sareng Gusti (ayat 3).

Samemehna Gusti Allah estu uninga, Hiskia hirup rumaket sareng Gusti Allah. Lampah hirup anjeunna kamanah ku Gusti, saperti Daud, karuhunna (2 Raja 18: 3). Pamugi pangalaman hirup Hiskia anu endah sareng Gusti janten cukang lantaranana doa urang diwaler ku Gusti.

Kahirupan Hiskia kahartos ku Gusti Allah (ayat 6). Hiskia mung ukur ngadoa supaya Gusti Allah mikaemut kana lalakon hirupna. Tapi Hiskia dicageurkeun tur dipanjangkeun umurna 15 taun deui, ku margi Gusti Allah uninga kana naon anu dipikabutuh ku Hiskia. Pon kitu oge sareng pangabutuh urang. Gusti ngamakbul paneda urang saluyu sareng pangersa-Na.

Ilustrasi: Raja Hiskia ngadoa ka Gusti Allah

Hiskia ngadoa ka Gusti Allah kalayan soson-soson (ayat 5). Mantenna Maha Uninga, sabab Mantenna teh Gusti anu nyipta urang.

Rahmat Gusti Allah. Doa Hiskia diwaer ku Mantenna jalaran welas asih-Na. Hiskia udur parna, meh maot, tuluy ngadoa, seug ku Gusti Allah dipaparin mujijat (2 Babad 32:24-26).

Hanjakalna Hiskia kalah jadi sombong, tapi tungtungna sadar sarta ngalaipkeun diri, neneda sangkan bebendu Gusti Allah henteu tumiba ka dirina. Ahirna Hiskia narima rahmat ti Gusti Allah. Kahirupan urang teh estu mung ku sabab rahmat sarta welas asihing Gusti Allah, anu ngawaler pamundut urang sarta maparin anu pangsaena.

Hayu urang diajar tina kahirupan Hiskia, anu taat tur satia ka Gusti Allah. Kataatanana mangaruhan karohanian bangsa Yuda dina mangsa pamarentahanana. Hal ieu nembongkeun yen Gusti Allah ngajenan kataatan umat-Na.

Kaasih Gusti Allah anu estu ka Hiskia mangrupi gambaran asih Mantenna ka urang pribadi. Ayeuna mah giliran urang mintonkeun kataatan urang nu saestu ka Gusti Allah.

Raja Hiskia taat ka Gusti, atuh karohanian rahayatna oge jadi sae. Hayu urang narekahan kataatan urang ka Gusti Allah, heg mangaruhan karohanian kulawarga jeung sasama.

Ku: Bpk. N. Suherlan, S.Th