KAHIRUPAN ANU MEUJEUH

Meh sadaya jalma di jaman kiwari, hese leupas ti anu ngaranna media sosial (medsos). Seueur pisan jalma anu asalna hirupna biasa, bisa jadi maju tur gampil meunangkeun lahan usaha.

Ku naon pangna bisa kitu? Ku sabab seueur elmu nu bisa kapetik pikeun ngajalankeun usaha, boh tina YouTube boh ti nu sanesna.

Anu kitu kasebutna media sosial anu bisa jadi berkah pikeun kahirupan urang sadayana. Sanaos kitu, media sosial bisa oge aya balukarna anu matak ngarugikeun hirup urang.

Media sosial teh sae, ku jalaran teknologi anu beuki maju, tapi oge bisa ngaruksak kahirupan urang. Ku naon pangna bisa ngaruksak? Ku sabab lolobana jalma henteu bisa nahan diri tina kahayang. Jalma mah ti kudratna oge sok kabitaan. Ahirna dirina jadi kaperdaya ku kahayang anu taya mangpaatna.

Seueur carita di sabudeureun urang, jalma nu tadina hirupna meujeuh, ku sabab pangasilan tina pagaweanana anu cukup. Tapi ngadak-ngadak jadi bingung ku kahirupan nu loba hutang jalaran gaya hirup anu loba kahayang. Sabenerna mah teu bisa dilakonan, tapi maksakeun ku sabab hayang katembong ku batur yen hirupna teh bagja.

Aya conto anu teu pira nyaeta soal ngaleueut cikopi, anu kasohorna “ngopi” ku barudak ngarora mah. Upama ngopi di imah, hargana murah, rasana oge ngeunah. Tapi ku sabab hayang gaya katempona ku batur, jadi ngopina kudu di café-café anu marahal.

Conto lianna, HP, anu kaperluanana saukur nelepon jeung ngirim pesen, teu alus lamun teu make merek mahal, saperti Iphone. Jadi maksakeun meuli sanajan nganjuk bari hese mayar oge.

Tangtu gaduh HP nu mahal atawa ngopi mahal di café teh henteu salah, lamun memang kabeuli atawa mampuh mah, saluyu jeung panghasilan. Tapi lamun maksakeun, ku lantaran sieun teu diajenan ku batur, balukarna bakal nyusahkeun hirup sorangan. Sumawonna nyusahkeun batur mah, tangtu kahirupan urang moal ngamulyakeun Gusti.

Dina Alkitab dicatet riwayat hiji jalma nu ngaranna Akan, teu bisa nahan kahayang. Balukarna batur jadi cilaka, boh kulawargana pon kitu oge dirina sorangan. Kalakuan Akan teh nyilakakeun bangsa Israil sabab henteu taat kana parentah Gusti Allah. (Yosua 7:1-26).

Parentah Gusti Allah: “Barang naon bae ti Yeriho anu kudu dimusnakeun, ku urang Israil teu meunang aya nu dicokot.” (Yosua 7:1). Tapi Akan kabita barang nempo barang-barang jarahan anu aralus ti Yeriho, heg dibawa balik ka tempat matuhna. Balukarna urang Israil teter, kalabur, nepi ka dibeberik ku urang Ai, kira-kira tilu puluh genep urang tariwas.

Yosua salaku pamingpin urang Israil neda pituduh Gusti, ku naon sababna bangsa Israil bisa eleh ngalawan kota Ai. Padahala kotana teu pira dibanding jeung Yeriho anu sakitu tohagana.

Gusti Allah mikaasih ka umat-Na. Paneda Yosua diwaler, “Urang Israil boga dosa! Parentah Kami anu majar ku maranehna rek diturut, dilanggar. Maranehna nyarokot sababaraha rupa barang haram anu kuduna dimusnakeun. Maranehna maralingan eta barang-barang, disarumputkeun, dicampurkeun jeung barangna sorangan ngarah teu kaciri.” (Yosua 1:11).

Urang Israil disina karumpul ku Yosua kalawan parentah Gusti Allah. Terus dipariksa sadayana, heg kapendak anu boga dosana.

“Leres abdi teh gaduh dosa ka PANGERAN, Allahna urang Israil. Kieu abdi teh, di antawis barang-barang jarahan ningal jubah buatan Babul kalintang saena, perak ... emas.... Kalintang pikabitaeunana, teras dibantun, ... dikubur di lebet kemah ....” (Yosua 7:20-21).

Ilustrasi: Akan kabukti nyandak barang jarahan disumputkeun di kemahna

Akan sakulawarga katut sagala barangbarang hasil jarahanana dicandak ka hiji lebak tuluy dibaledogan ku batu nepi ka paeh, saluyu jeung hukum anu diterapkeun harita. “Ti dinya luhureun tempat eta dibugbrugan ku batu luhur pisan. Nya ku sabab kitu eta tempat teh dingaranan Lebak Sangsara.” (Yosua 7:25-26).

Jalma nu hayang bagja dina harta banda kalah ka jadi sangsara nepi ka paeh. Ieu pangalaman urang Israil bisa jadi pepeling keur urang yen hirup di dunya teh kudu bisa nahan kahayang.

Kasarakahan jalma bakal nyilakakeun diri sorangan kitu oge nyilakakeun kulawarga saperti Akan. Kitu margina rasul Paulus maparin piwejag ka Timoteus dina seratna.

Urang lahir ka dunya teh mawa naon? Teu mawa naon-naon! Mulang ti dunya rek mawa naon? Moal mawa naon-naon! Anu matak asal cukup dahar cukup pake ge hirup teh meujeuhna. Ngarah kabeungharan mah matak tigubrag kana panggoda, kabeulit ku rupa-rupa kahayang anu teu munasabah nu ngabahlakeun, matak ambrug ngagurubag. Sabab beuki kana duit teh sumberna sagala kajahatan. Aya anu ku moho-mohona kana duit nepi ka pecat iman, hatena ajur ku rupa-rupa aral. (1 Timoteus 6:7-10).

Jalma anu percaya ka Gusti Yesus bakal dipaparin papakon dina ngajalankeun hirup anu meujeuh. Rasa meujeuh aya lamun hirup urang gumantung ka Gusti Yesus sarta ngajalankeun hirup anu dituyun ku ajaran Alkitab. Gusti Yesus ngaberkahan.

Ku: Sdrk. Tri Setiawati