BEJA KABUNGAHAN: BERKAH KEUR NU PERCAYA

Dina mangsa kiwari urang seueur pisan di gudjrudkeun ku bewara-bewara anu teu hade anu matak ngagimirkeun kana hate keur anu ngadanguna. rasa sieun jeung kagimir mulai ngawasaan seueur jalmi anu ngabalukarkeun seueur jalmi mulai egois mung mentingkeun keur kahirupanana sewang sewangan. Dina mangsa-mangsa samodel kieu beja kabungah kalintang diantosan ku seueur jalmi, anu iasa deui negerkeun hatena.

“...sabab lamun henteu jeung Kami mah maraneh moal barisa naon-naon.”(Yohanes 15:5b)

Aya sababaraha berkah anu baris katampi ku sakur nu nampi sareng percaya ka Gusti Yesus, diantawisna nyaeta berkah kasalametan, berkah panghampura dosa, berkah kaunggulan, berkah pangwaler doa sarta berkah panuyun ti PANGERAN.

Berkah Kasalametan
Kasalametan mangrupikeun puncak tina sagala berkah nu anu dipilari ku sakumna umat manusa, sae kasalametan di ieu dunya pon kitu deui kasalametan di kalanggengan. Naha Pamaos parantos nampi berkah salamet keur dikalanggengan? Upami teu acan ayeuna waktuna keur pamaos tiasa nampi berkah kasalametan? kumaha carana sangkan berkah kasalametan ieu katampi ku pamaos?Meunangkeun heula Putra-Na nyaeta Yesus Kristus kuanjeun nu jadi Putra kucara tampi sarta percaya kanu jadi Putra saluyu sareng anu dicutat Kitab Suci dina 1 Yohanes 5:11-12

Pamaos hoyong nampi kasalametan khususna hirup dina kalanggengan?koncina mangga percaya sarta tampi Gusti Yesus salaku Gusti sarta juru salamet sacara pribadi.

Eusi panyaksiana-Na nya eta: Allah ka urang maparin hirup langgeng; ari hirup langgeng sumberna di Putra-Na. Sing saha anu meunangkeun Putra-Na, meunangkeun hirup langgeng. Sing saha anu henteu meunangkeun Putra-Na, moal meunangkeun hirup langgeng.

Berkah Panghampura
PANGERAN teh jembar hampura. Sok sanajan manusa teh geus lambokot ku dosa sarta dosana geus teu kaitung, tapi PANGERAN kersa ngahampura manusa saupama manusa sadar sarta ngaku dosana di payuneun PANGERAN. Hal ieu saluyu sareng naon anu parantos dicutat dina Kitab Suci anu di tulis ku rasul Yohanes dina 1 Yohanes 1:9 anu unggelna kieu : “Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.”

Para pamaos, Jalmi anu di hampura tandaning jalmi anu meunang sih kurnia. Sih kurnia mung dipaparinkeun ka jalmi nu kamanah di payuneun PANGERAN. Patarosanna yaeta kumaha carana sangkan urang tiasa nampi sih kurnia PANGERAN sarta dosa urang dihampura?Pamaos hoyong nampi panghampura ti PANGERAN? Koncina mangga percaya sarta tampi Gusti Yesus Kristus salaku Gusti anu iasa nyalametkeun sarta ngahampura dosa-dosa Para pamaos.

Berkah Kaunggulan
Saparantos manusa tigebrus kana dosa, manusa seueur nandangan kabeubeurat dina hirupna. Manusa kudu tisusut tidungdung dina nyorang hirupna. Kasusah demi kasusah teu eureun- eureun ngarongrong manusa dina nyorang hirupna, sae dina ngalankeun usahana, pagadamelanan sarta ngalawan sakit panyakit anu nyerang awakna. Saparakna manusa tigebrus kana dosa sarta jauh ti PANGERAN, manusa janten gampang elehan teu boga kawasa deui.

Kumaha sareng pamaos? Naha pamaos kalebet jalmi nu elehan dina nyorang rereged kahirupan?

Pamaos hoyong nampi kaunggulan hirup ti PANGERAN? koncina mangga percaya sarta tampi Gusti Yesus Kristus salaku Gusti anu iasa nyalametkeun sarta maparin kaunggulan hirup keur Para pamaos. Kitan Suci anu dicutat dina 1 Korinta 10:13 negeskeun yen jalmi nu percaya ka Gusti Yesus nalika di payunkeun sareng masalah, hirupna moal diantep tapi justru di paparin kakuatan sarta jalan kaluarna.

“Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.”

Berkah Pangwaler Doa
Sadaya jalmi nalika ngadoa tangtos gaduh pangharepan yen sakur anu di doakeun baris laksana. Mung hanjakal henteu sadaya nu doa jalmi tiasa kacumponan saluyu sareng harepanana. Naon anu ngabentenkeunana? nu ngabentenkeunana nyaeta status nu ngadoana. Saha nu ngadoa eta jeung kasaha ngadoana? Pikeun nu percaya ka Gusti Yesus, gaduh janji PANGERAN yen naon anu dipentana bakal katarima saluyu sareng kitab Suci anu dicutat dina Injil Yohanes 16:24.

Pamaos hoyong hoyong diwaler doadoana ku ti PANGERAN? koncina mangga percaya sarta tampi Gusti Yesus Kristus salaku Gusti anu iasa nyalametkeun sarta ngawaler sadaya doa Para pamaos.

Nepi ka ayeuna maraneh can barangpenta naonnaon mawa ngaran Kami. Pek marenta, tangtu bakal narima, sangkan kasenangan hate maraneh sampurna.”

Pamaos hoyong hoyong dituyun ku PANGERAN? koncina mangga percaya sarta tampi Gusti Yesus Kristus salaku Gusti anu iasa nyalametkeun sarta nuyun sadaya lengkah Para pamaos.
Siloka 3:5-6

Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan. Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.

Tah ieu bisa kabungah keur pamaos dina mangsa ayeuna, lamun pamaos hoyong nampi berkah kasalametan, berkah panghampura, berkah kaunggulan, berkah pangwaler doa, berkah Panuyun ti PANGERAN...Hayu angken, tampi Yesus Kristus salaku Gusti sareng Juru salamet sacara pribadi niscaya para pamaos baris nampi seueur berkah saluyu sareng naon anu parantos dijanjikeun dina PangandikaNa. Di luar Gusti Yesus Kristus,urang moal tiasa barangdamel naon-naon, nu aya urang baris hirup ripuh balukar tina kawasa dosa anu ngaborogod.

Ku Kang Daus