Ku: Abah Pandita Gideon Masri
Tepang deui sareng Abah dina rohang kulawarga. Ieu pedaran anu patali sareng duit bakal nyambung kana pedaran salajengna, ku margi bahasanana lumayan seueur.
Pangandika Gusti dina kitab Ibrani 13:5 nyanggemkeun: Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya. Sabab dawuhan Allah, “Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.” Saurang ahli jiwa nyanggemkeun: “Ebrehkeun ka kuring pembukuan duit anjeun, engke kuring bakal mere nyaho saha sabenerna anjeun teh.”
Tina pembukuan jalmi, tiasa katingal kumaha kapribadianana, naha taliti atanapi sembrono; naha boga rancangan dina kahirupanana atanapi kumaha brehna bae. Tiasa katingal oge, naha eta jalmi sok boros atanapi hemat.
Eta margina hayu urang diajar paham ngeunaan duit jeung kumaha ngolah duit anu bener utamina dina kahirupan kulawarga. Ngolah duit sacara bener, jadikeun Gusti salaku Pangeran dina kahirupan jeung keuangan kulawarga, tangtu urang bakal tumuwuh dina sagala widang.
Kangge ngajadikeun Gusti dina kahirupan jeung keuangan, paling sakedik urang kudu paham kana opat hal penting. Tapi dina ieu pedaran mung bade dibahas dua heula, nyaeta sual hakekatna duit sareng sual nu peryogi kauninga ngeunaan duit.
Paham kana hakekatna duit
Saurang anu henteu paham kana hakekatna duit, bakal midamel kasalahan dina milarian duit, pon kitu oge dina ngagunakeunana. Seueur jalmi anu boga pamikiran yen duit teh nangtukeun sagala rupa dina kahirupan.
Sok aya istilah anu sering dibasakeun nyaeta istilah UUD, lain Undang-Undang Dasar tapi ujung-ujungna duit. Jalma anu boga paham samodel kitu boga pamikiran yen ku cara loba duit, hirup jadi leuwih senang, bakal diajenan jeung dianggap jalma anu boga harkat jeung martabat di tengah masarakat.
Jalma anu boga paham samodel kitu, dina hal ngumpulkeun duitna bakal ngahalkeun sagala cara, nu penting ceuk pamikirna, asal loba duit. Anu jadi puseur kahirupan jalmi kitu lain GUSTI PANGERAN tapi duit atanapi haliah dunya.

Lamun eta jalmi teh ngakuna percaya ka Gusti Yesus, anu jadi ayat karesepna pasti pangandika Gusti anu kieu ungelna: “Pesta matak gumbira, cianggur matak hegar. Tapi duanana ge ari teu ku duit mah moal kasorang. ”(Pandita 10:19). Jalma nu kitu karesepna dahar nginum jeung senang-senang.
Golongan jalma anu ngutamakeun hal kitu memang dina Alkitab oge ditegeskeun, di antarana anu unggelna: Inget anaking, dina ahir jaman bakal loba kasukeran. Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede, resep ngagogoreng, bahula ka kolot, taya panarima, teu baroga agama; taya karunya, taya hampura, resep mitenah, bengis, dedegler, ijid ka jelema hade; resep ngahianat,, sambarangan, aradigung, ka Allah geus teu nyaraah, leuwih resep senang-senang; ngajalankeun agama semet nedunan lahirna, ari kawasana agama teu dipalire. Jelemajelema kitu jauhan. (2 Timotius 3:1-5).
Memang saleresna pisan, kahirupan manusa jaman ayeuna sami sareng anu kaunggel dina Akitab. Najan dina widang ekonomina maju, jadi jalma balaleunghar, loba hartana, loba duitna, tapi henteu otomatis kahirupanana senang jeung henteu aya masalah.
Malah jalma-jalma anu loba harta, utamana ku jalan teu bener, leuwih loba nandangan masalah. Hirupna jadi cela di masarakat. Jalma ku ngabogaan loba duit henteu otomatis hatena ngarasa cukup, malah sabalikna ngarasa kurang jeung kurang, ngarasa perlu leuwih loba deui duit.
Duit jeung harta kakayaan, henteu bisa ngarengsekeun sagala masalah. Salasahiji surat kabar di Amerika Serikat pernah ngayakeun pasanggiri nyieun devinisi duit. Anu meunang dina pasanggiri eta, devinisi anu nyebatkeun kieu:
“Duit teh hiji alat anu bisa meuli naon bae kajaba meuli kasugemaan.

Duit teh alat anu bisa meuli rupa-rupa kadaharan, kajaba meuli rasa nikmatna.
Duit bisa dipake meuli kasur jeung ranjang anu pangmahalna kajaba meuli tunduhna.
Duit bisa ngajajapkeun urang inditinditan ka mana bae nguliringan dunya kajaba indit ka Sawarga.”
Memang saleresna, duit henteu bisa nyumponan sagala hal dina kahirupan manusa. Kahirupan manusa henteu bisa disugemakeun ku lobana duit.
Saurang panulis buku nyanggemkeun: “Hate manusa lir ibarat hiji rohang anu luar biasa gedena. Naon bae anu diasupkeun kana eta rohangan tetep kosong jeung henteu bisa pinuh-pinuh, kajaba dieusina ku anu gedena henteu aya batasna.”
Ari anu gedena henteu aya batasna teu aya sanes nyaeta GUSTI PANGERAN. Hate manusa moal ngarasa puas ku lobana duit, ku lobana harta, ku lobana imah, mobil, kebon jeung sajabana.
Beuki loba harta, beuki loba pangabutuh keur waragadna. Beuki loba harta bakal leuwih loba kahariwang. Jalma bakal ngarasa sugema upami dina hatena parantos ngawasa anu Maha Kawasa nyaeta GUSTI Yesus Kristus.
Anu peryogi kauninga ngeunaan duit
Sanajan duit henteu boga biwir tapi bisa nyarita; sanajan mangrupi barang paeh, tapi boga kawasa pikeun ngatur kahirupan manusa. Teu sakedik manusa anu kahirupanana dikadalikeun ku duit.
Duit bisa ngadorong jalmi jadi telenges, sabalikna bisa oge ngajadikeun jalma jadi tukang tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah. Duit dina kahirupan manusa bisa jadi sobat jeung badega anu bageur sarta hade, sabalikna bisa oge jadi dunungan anu kejem jeung jahat, telenges jeung ngabahyakeun.
Kacaritakeun aya “konferensi duit-duit”. Masing-masing lambaran duit nyaritakeun pangalamanana.
Ceuk lambaran Rp.100.000 jeung Rp.50.000, “Kuring duaan mah pangbagjana ku lantaran lolobana aya di tempat-tempat anu hade, di mall-mall, di toko-toko gede jeung restoran anu marahal; lamun cicing dina dompet, cicingna dina dompet-dompet jalma anu geulis jeung kasep anu parfumna sarareungit.”
“Nya ari kitu mah kuring oge sakalikali mah osok, ngan lolobana kuring mah di pasar-pasar jeung di warung,” tembal lambaran Rp.20.000, Rp.10.000, jeung Rp.5000,
Ceuk lambaran Rp.2.000 jeung Rp.1.000, “Nya kuring atuh lambaran anu pangbagjana mah, lantaran pangseringna dibawa ka tempat ibadah, jeung pangseringna diasupkeun kana kotak persembahan.”
Bisa jadi ieu mah ukur sempal guyon, tapi memang kitu kanyataanana. Nalika urang rek muka dompet, kahayang hate mere persembahan anu hade kangge padamelan PANGERAN. Tapi nalika leungeun rek nyokot Rp.100.000, dina hate aya kereteg, ‘Entong kuring, eta bae anu biru.’ Nalika rek metot Rp. 50.000, sarua kitu oge, anu tungtungna mung lambaran Rp.5.000, Rp.2.000, atawa Rp.1.000 anu dipasrahkeun kana persembahan.
Kade, najan duit teh barang nu teu nyawaan, bisa ngadalikeun manusa anu nyawaan. Sakuduna duit lain anu ngadalikeun urang, tapi urang anu kudu ngadalikeun duit.
