SANGGEUS SRANGENGE MEDAL

Sadaya jalmi tangtos ngagaduhan sajarah atanapi carita sewang-sewangan anu awon. Memang kahirupan jalma umumna aya dina kaayaan anu teu hade. Ku naon tiasa kitu, ku margi sadaya manusa geus dosa, geus kaicalan kamulyaan Gusti.

Hirup dina kaayaan dosa ngajantenkeun hirup anu pinuh ku masalah. Janten kahirupan manusa heubeul mah teu aya anu sae, malah mah pinuh ku kagorengan. Ku margi pinuh ku kagorengan balukarna pinuh ku masalah jeung masalah.

Manusa heubeul mah kalakukanana oge goreng patut. Aya anu ngaibaratkeun yen manusa heubeul teh siga hileud. Ari hileud kalakuanana ngan ngaruksak sarta pikageuleuheun.

Teu aya jalmi anu resep kana hileud. Sabalikna hileud mah dipikangewa sarta dipikasieun. Kitu oge manusa heubeul mah siga hileud kalakuanana, anu sok ngaruksak sarta pikasebeleun batur.

Manusa anu kalakuanana siga hileud matak pikangewaeun, resep ngaruksak. Manusa anu kitu mah ceuk babasaan Sunda disebutna tukang bobok tukang tarok tukang mukakeun anderok.

Jelema anu kitu mah hirupna teu make aturan. Tunggul dirurud catang dirumpak, pokona nu penting manehna senang, teu paduli kumaha kaayaan batur.

Kaayaan manusa siga kitu mangrupa kaayaan anu diharep ku si Iblis. Tujuan Iblis memang hayang ngancurkeun kahirupan umat manusa. Ku naon Iblis hayang ngancurkeu kahirupan umat manusa, sabab Iblis hayang boga balad waktu dihukum ku Gusti.

Memang seueur manusa anu kagembang ku tipu daya Iblis, katipu ku siasat jahat si Iblis. Manusa anu saperti kitu geus milih jalan anu sasab, jalan anu nyilakakeun anu tungtungna nuju ka panghukuman anu langgeng.

Puji sukur ka Gusti Allah, ku margi Mantenna Anu Maha Kawasa, asih ka manusa. Mantenna mikersa nyalametkeun sadaya umat manusa ku jalan ngutus putra-Na kanggo nyalametkan umat manusa tina borogod dosa.

Tujuan Gusti Allah ngamerdikakan manusa tina borogod dosa ieu ku jalan masrahkeun Putra tunggal-Na ka ieu dunya. Gusti Allah maparin ieu jalan supaya manusa tiasa Merdeka, bebas tina rereged dosa.

Saha-saha anu kersa nampi sih kurnia Gusti ieu, tangtos salamet sarta kenging hirup anu langgeng. Sabalikna jalma anu nolak sih kurnia Gusti ieu, tangtos bakal lebet kana panghukuman anu langgeng.

Memang henteu gampang jalmi tiasa nampi sih kurnia Gusti ieu, sabab si Iblis oge embung kaleungitan balad atanapi pangiringna. Iblis ngahalang-halang jalan jalma nampi sih kurnia Gusti ku cara panganiayaan, kasangsaraan, jabatan, harta banda, batur hirup, dugi ka maut.

Seueur jalmi anu alim nampi sih kurnia Gusti ku margi sieun dikaniaya. Aya oge jalmi anu alim nampi sih kurnia Gusti ku margi alim sangsara. Padahal ajakan ti Gusti ngiring Gusti mah kudu daek sangsara.

Aya oge anu alim nampi sih kurnia Gusti ku margi sieun kaicalan jabatan. Aya deui anu alim nampi sih kurnia Gusti ku margi sieun teu gaduh batur hirup. Sarta rea deui cara anu dipigawe ku Iblis sangkan jalma-jalma ulah nampi sih kurnia Gusti.

Tapi sih kurnia Gusti teu tiasa dihalanghalang ku siasat Iblis. Sih kurnia Gusti baris katampi ku jalmi anu leres-leres gumantung ka Gusti.

Gusti mikaasih sadaya manusa. Ku margi kitu Gusti miharep sadaya manusa disalametkeun. Ieu pangersa Gusti didugikan ka sadaya putra Gusti ku jalan ayana Amanat Agung. Ieu Amanat Agung teh buktos kaasih Gusti kanggo sadaya umat manusa. Pangersa Gusti mah sadaya umat manusa salamet, ulah aya hiji oge anu cilaka.

Si Iblis hayang ngahalang-halang sangkan jalma ulah nampi sih kurnia Gusti. Padahal Gusti teras mikersa sangkan sadaya jalmi nampi sih kurnia Gusti.

Ieu kaayaan ngajantenkeun perangna sanes ngalawan daging jeung getih, tapi ngalawan pangawasa-pangawasa poek anu aya di langit. Kanggo ngalawan kakuatan pangawasa poek, urang kedah dilengkepan ku pakarang anu geus disayogikeun ku Gusti ku Manten.

Sakumaha anu diserat dina Kitab Epesus 6:10-17, “Ahirna, dina ngahiji jeung Gusti teh upayakeun diri supaya kuat, tegesna supaya dikuatkeun ku kakawasaan Anjeunna. Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.

Ku sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek. Ku sabab kitu ayeuna keneh pake pakarang perang ti Allah, supaya ana geus datang mangsa nu jahat, aranjeun tagen nadah panarajang musuh, sarta supaya sanggeus tarung nepi ka ahirna aranjeun masih gagah.

Sing sayaga, gunakeun kasatiaan ka Allah minangka sabuk anu mageuhan cangkeng, jeung kaiklasan hate minangka baju kerena, sarta jeung kadaek kana ngamashurkeun Injil kasalametan anu mere kabagjaan jadi minangka sapatuna. Tiap-tiap waktu gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna.

Ku nyangking eta kapercayaan, aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat. Tarimakeun kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna, sarta sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna.”

Ngalangkungan pakarang anu dipaparinkeun ku Gusti Allah, urang tiasa ngelehkeun siasat si Jahat. Nalika urang gumantung ka Gusti, sarta nganggo pakarang paparin ti Gusti Allah tea, urang bakal janten jalma anu unggul.

Ku margi kitu urang kedah teras gumantung ka Gusti. Jalmi anu gumantung ka Gusti anu mimitina hirup di nu poek, ku margi kersa nampi sih kurnia Gusti tungtungna hirupna janten caang.

Jalmi anu geus hirup di lebet Gusti lir ibarat srangenge anu geus medal. Ari srangenge lamun geus medal, beuki lila beuki caang, beuki beurang beuki caang. Tah siga kitu oge jalmi anu geus nampi sih kurnia Gusti, makin lami makin caang lir srangenge anu geus medal.

Jalmi anu geus nampi sih kurnia Gusti disebutna manusa anyar. Ku naon disebut manusa anyar? Sabab manusa heubeulna geus sirna, kari anu anyarna.

Saha-saha anu geus jadi manusa anyar, hirupna kudu beuki mencrang. Hirupna kudu beuki jadi caang. Saperti srangenge anu geus medal, makin beurang makin caang.

Kahirupan manusa anyar oge kudu kitu, makin lila kudu makin hade, kudu jadi caangna dunya supaya bisa nyaangan batur anu keur kapoekan. Ku caang anu sumberna ti Gusti, urang bisa jadi caangna dunya, nyaangan ka batur, siga srangennge anu geus medal makin beurang makin caang. Hayu urang jadi caangna dunya!

Salam ti Kang Aam di Nusasari tea!