JANTEN BERKAH DI TENGAH KELEMAHAN

Para pamaos kantos uninga, aya hiji jalmi namina Nick Vujicic? Anjeunna teh jalmi anu henteu ngagaduhan panangan sareng sampean, namung ngartos kana rarancang PANGERAN.

Nick Vujicic dibabarkeun 4 Desember 1982 di Melbourne, Australia. Ramana saurang Pamingpin Jamaah, anu sering ngawulang perkawis ngucap syukur. Tapi nalika ningal putra cikalna dibabarkeun tanpa panangan jeung sampean, anjeunna sareng jamaahna ngaraos sedih.

Ramana ngagaduhan pamadegan yen Nick Vujicic pasti umurna moal lami. Namung numutkeun pamariksaan dokter, Nick Vujicic dinyatakeun kalintang sehatna.

Ibu-ramana Nick Vujicic meryogikeun waktos anu lami pikeun narima eta kanyaatan. Namung Gusti maparinan kakiatan sarta kawijaksanaan ka kulawargana.

Nalika ngawitan lebet ka sakola, Nick kalintang gumbirana, tiasa gabung sareng rerencangan anu saumuran anjeunna. Mung hanjakal henteu sadaya rerencangan sakola mikaresep ka Nick Vujicic. Seueur anu ngajarauhan sarta nganggapna jalmi aneh.

Nick kalintang sedihna lantaran dihihina ku rerencanganana. Akibatna dina yuswa 8 taun Nick Vujicic kantos nyoba maehan maneh. Tapi ku margi kanyaah sepuhna, sakedik-sakedik Nick Vujicic tiasa narima kaayaan dirina sarta henteu mirosea deui kana pamoyok rerencanganana.

Ahirna rerencanganana ngawitan kataji sarta narima Nick Vujicic ku ningal hirupna anu benten. Dina yuswa 15 taun Nick Vujicic nampi Gusti Yesus salaku Gusti sareng juru salametna sacara pribadi.

Pangandika Gusti anu teras ngiatkeun anjeunna nyaeta tina Rim 8:28. Sok sanaos kawates, sanes hartosna eleh tina sadaya perkawis. Dina yuswa 20 taun Nick Vujicic lulus jadi sarjana dina bidang akuntansi jeung perencanaan keuangan. Anjeunna tiasa ngetik 43 kecap dina samenit, meresan rambut nyalira, resep ngojay, jeung sajabina.

Samemeh nincak umur 24 taun, Nick Vujicic geus gaduh sumanget hirup anu luhur sarta seueur diulem pikeun janten pembicara motivasi di seueur nagara. Salian ti eta Nick oge didamel salaku investor real estate, dosen, sarta pangwawar Beja Kabungahan.

Nick gaduh yayasan pikeun ngabantos barudak anu pegat sakola di Kamboja sarta yayasan rehabilitasi pikeun para veteran anu salirana cacad sarta mulihkeun deui sumanget hirup aranjeunna. Kahirupan Nick Vujicic geus jadi berkah keur seueur jalmi.

Para pamaos, Nick Vujicic, anu fisikna kawates, gaduh sumanget anu luhur. Anjeunna tiasa janten caang keur seueur nagara, sarta ngaberkahan seueur jalmi, malihan tiasa ngabewarakeun kaasih Gusti ka seueur jalmi.

Kumaha sareng urang? Naon anu janten kakurangan urang? Kakurangan urang ulah janten panghalang pikeun janten caangNa PANGERAN!

Gusti kagungan rarancang sarta nganggo Nick Vujicic sangkan janten berkah ka seueur jalmi. Hal anu sami Gusti oge gaduh rarancang baris nganggo urang nu percaya ka PANGERAN, tiasa janten berkah keur seueur jalmi di sabudeureun urang.

Rarancang Gusti estu endah sarta pinuh ku pangharepan sok sanaos panginten dina prosesna urang sok protes. Proses kedah dipayunan ku hate nu jembar, sangkan urang kamanah di payuneun PANGERAN. Gusti henteu ningali dedegan nalika gaduh rarancang keur hiji jalmi (1 Samuel 16:7).

Jumlah manusa beuki nambihan sarta kalintang seueurna. Sedengkeun anu percaya ka Gusti Yesus mung sakedik. Namung urang ulah dugikeun ka alit manah, ku margi Gusti parantos nyiapkeun bibit-bibit unggul anu baris ngarobih kaayaan urang mangsa kiwari.

Salaku bibit unggul PANGERAN di ieu dunya, aya sababaraha perkawis anu kedah teras diperhatoskeun ku urang. Ku kituna urang tiasa teras janten caang sareng berkah keur batur.

Bibit unggul gede pangajenna

Upami urang ngagaleuh bibit unggul di toko pertanian, tangtos pangajenna langkung awis tibatan bibit nu biasa. Hal anu sami, jalmi nu percaya ka Gusti Yesus ku margi milari bebeneran nu sajati pasti kualitas rohanina benten sareng jalmi nu percaya lantaran tuturut munding.

Jalmi nu percaya ka Gusti Yesus ku margi milari bebeneran tiasa ditingal tina sepak terjang rohanina anu suhud sarta prak-prakanana anu hirup sieun ku Gusti. Patarosanana, naha urang teh bibit unggul atawa bibit biasa?

Mangga urang talungtik deui kaayaan rohani urang. Upami rohani urang dina danget ieu biasa-biasa, urang robih janten hal anu luar biasa. Jantenkeun hirup urang salaku bibit unggul anu murni anu henteu kacampuran deui ku bibit-bibit biasa anu tiasa nurunkeun pangajen urang.

Kami tega ngorbankeun bangsa-bangsa, asal maneh katulungan. Sabab maneh teh pupunden Kami, kakasih Kami, sarta ku Kami dibere kamulyaan. (Yesaya 43:4).

Bibit unggul tahan hama

Bibit unggul mangrupikeun bibit anu tahan tina sagala hama anu nyerangna. Dina kahirupan sadidinten salaku jalmi nu percaya ka Gusti Yesus, urang oge dipayunkeun sareng seueur tangtangan anu bisa ngajauhkeun iman urang ti PANGERAN.

Henteu sadaya jalmi mikaresep ka urang lantaran urang percaya ka Gusti Yesus. Seueur dodoja anu kedah dipayunan.

Tangtangan, dodoja, gencetan, kahayang jasmaniah, mangrupikeun contoconto hama iman kapercantenan ka Gusti Yesus. Urang kedah diajar ti jamaah munggaran salaku bibit unggul umat nu percaya. Jamaah munggaran beuki dibabad, beuki ngarambat, dituar beuki mencar, dijepit beuki ngalejit.

Bibit unggul hasilna nyugemakeun

Bibit unggul tiasa ditingal tina kualitas jeung jumlah buahna, sarta hasilna anu benten tina bibit biasa. Bibit unggul tangtu hasilna mucekil sarta nyugemakeun.

Jalmi nu percaya ka Gusti Yesus sakedahna janten bibit-bibit unggul anu dipilarian ku seueur jalmi. Kualitas hirupna jalmi anu percaya ka Gusti Yesus kedah janten daya tarik keur seueur jalmi sapertos jamaah munggaran (Rasul 2:41-47).

“... jeung maruji ka Allah, tur dipikaresep ku jalma rea. Jumlahna saban poe nambahan bae, beuki loba anu disalametkeun.”

Pameredih PANGERAN

Salaku surat-surat Kristus anu tiasa dibaca ku sueuer jalmi, Gusti mikersa sangkan urang janten berkah keur seueur jalmi, sapertos tuladan anu dipintonkeun ku Gusti Yesus. Surat 1 Yohanes 2:6 negeskeun yen lampah urang kudu sakumaha lampah Kristus nekanan kana hukum Kristus saluyu sareng Kitab Suci anu dicutat dina Galata 6:2.

Status jalma nu percaya ka Gusti Yesus geus robih. Tadina aya di tempat nu poek, dibawa ka tempat nu caang sarta janten caangna Kristus anu bisa nyaangan dunya (Mateus 5:14).

Sing saha anu ngakukeun hirupna geus satunggal jeung Allah, lampahna kudu sakumaha lampah Kristus.

Ku: Bp. Firdaus H., S.Th.