RAJA YOSIA

PIEUNTEUNGEUN

RAJA YOSIA


Yosia jadi raja nalika yuswana ngora pisan, kakara dalapan taun. Anjeunna ngaganti ramana nyaeta raja Amon anu pupus (2 Raja- Raja 22:1). Yosia ngarajaanana tilu puluh hiji taun di Yerusalem. Harita bangsa Yuda geus lila nyembah ka brahala, nulad ka para karuhun anu ngararempak ka Gusti Allah.

Sanajan ngora keneh, raja Yosia mah soson-soson diajar milampah hirup anu kamanah ku Gusti Allah. Nalika yuswana 16 taun, anjeunna mimiti wanoh ka Gusti Allah sembaheun raja Daud, karuhunna.

Opat taun ti harita, anjeunna ngamusnakeun sagala brahala anu disarembah ku urang Yuda. Arca-arca ditumpurkeun, altar- altar dewa diruntuhkeun, sarta pasir-pasir nu sok diparake paranti ngurban ka dewa oge diancurkeun.

Kajadian anu pangpentingna dina pamarentahan raja Yosia nyaeta kitab Hukum Gusti kapendak deui ku imam Agung Hilkia, di Bait Suci anu keur dilereskeun. Eta kitab dibawa ka karaton, seug dibacakeun ka raja.

Barang ngadangu eusi Hukum Gusti, raja Yosia nyosoeh anggoanana, reuwas tur

ngaraos hariwang. Anjeunna sadar yen urang Yuda geus jauh mengpar tina parentah- parentah Gusti Allah.

Taun kadalapan belasna, raja Yosia marentah ka Sapan bin Asalya bin Mesulam, panitera karaton, kieu, “Jung ka imam Agung Hilkia, bejakeun yen duit anu geus dibawa ka Bait Allah, meunang kukumpul ku panjaga lawang ti jalma-jalma teh serenkeun ka tukang- tukang anu ditunjuk pikeun ngajaga Bait Allah.”

Maksudna supaya eta duit bisa diserenkeun ka para tukang anu aya di Bait Allah pikeun ngalereskeun bagian bangunan anu raruksak. Parentahna deui, “Duit anu dikaluarkeun ku nu digarawe teu kudu dipenta balitunganana, sabab anu digarawena kabeh jelema jujur.” (2 Raja-Raja 22:7)

Raja Yosia maparin parentah, “Kami jeung sakumna bangsa Yuda pangnaroskeun ka PANGERAN perkara ungel ieu kitab. PANGERAN geus tangtu bendu ka urang, lantaran kamistian- kamistian urang anu kaungel dina ieu kitab ku urang teu dilakonan.” (2 Raja-Raja 22:13)

Jung imam Hilkia, jeung para pajabat karajaan arindit nepangan nabi Hulda, pamajikan Salum bin Tikwa. Ari Tikwa teh putuna salasahiji pagawe anu pagaweanana ngurus jubah-jubah di Bait Allah. Sakabeh parentah raja ditepikeun ka nabi Hulda.

Kieu timbalam Gusti ka nabi Hulda, “Yerusalem jeung sapangeusina tangtu ku Kami dihukum saluyu jeung anu kaungel dina eta kitab anu dibaca ku raja, sabab geus malungkir ti Kami, ngalurban ka aallahan-aallahan. Kalakuanana geus ngahurungkeun amarah Kami mani ngagedur, moal bisa pareum, bakal ngalentab ka Yerusalem.” (2 Raja-Raja 22:16-17)

Tapi kanggo raja Yuda mah aya timbalan husus ti Gusti, kieu, “Maneh nurut kana ungel eta kitab. Jeung sanggeus nyaho yen Yerusalem sapangeusina ku Kami bakal dijieun tempat anu matak kukurayeun sarta ngaranna bakal dijieun paranti sasapaan, maneh terus tobat, ngarendahkeun diri di payuneun Kami nepi ka nyosoeh pakean. Ku sabab kitu Kami kasuat ku panyambat maneh.” (2 Raja-Raja 22: 18-19)

Gusti Allah maparin jangji anu endah kanggo raja Yosia, sabab anjeunna satia tuhu ka Gusti. Kieu ungelna jangji Gusti, “Eta kacilakaan anu bakal tumiba ka Yerusalem teh moal waka kajadian sapanjang jaman maneh keneh mah. Lamun geus nepi kana waktuna, maneh mah maot teh bakal maot biasa sarta kalawan senang.” (2 Raja-Raja 22:20)

Raja Yosia mah ngalaman hirup senang malah mah dugi ka maotna. Ieu mangrupi bukti kaasih Gusti ka jalma anu hirupna satia tuhu ka Mantenna.

Raja Yosia maparin deui parentah ka imam Agung Hilkia jeung imam-imam sanesna, sarta ka nu ngajaraga lawang ngeunaan paparabotan di Bait Suci. Kieu parentahna, “Sakur parabot paragi nyembah ka Baal, ka Dewi Asera jeung ka bentang-bentang, kaluar- luarkeun ti Bait Allah tuluy duruk di Lebak Kidron, heg lebuna piceun ka Betel.”

Lampah anu ditempuh ku raja Yosia pikeun ngabersihan Bait Suci tina dosa teh henteu mung sakitu. Imam-imam dewa-dewa

asing, anu sok ngaduruk kurban dina pasir- pasir, di kota-kota Yuda jeung sabudeureun Yerusalem, anu diangkat ku raja-raja Yuda samemehna, sadayana diparecat. Raja Yosia oge mecat jalma-jalma anu sok ngadarurukan kurban ka Baal, ka dewa panonpoe, dewa bulan, ka bentang jeung sakabeh dewa langit.

Tihang-tihang brahala ti Bait Allah diakutan ka walungan Kidron, diduruk di dinya, dibebek nepi ka jadi lebu, tuluy dialungkeun ka pakuburan umum. Tempat- tempat ibadah ka brahala di Bait Allah, tempat awewe-awewe anu nganyam sarung pikeun Asera oge dibongkar.

Sakabeh imam anu geus nyalebar ka kota-kota jeung ka sakuliah karajaan, ku raja Yosia disina karumpul di Yerusalem. Altar- altar pangurbanan diharamkeun. Kitu deui altar-altar paranti nyuguh ka dewa-dewa diruntuh-runtuhkeun. Eta altar-altar teh ayana di deukeut gapura utama, kenging ngadamel Yosua salaku wali kota nagri.

Parobahan rohaniah anu diluluguan ku raja Yosia bisa laksana jalaran hate tur emutan anjeunna anu ajrih ka Gusti Allah. Kahirupan pribadina jadi tuladan keur sakumna bangsa Yuda.

Raja Yosia henteu mung ukur marentah tapi oge maparin tuladan ibadah anu bener. Kahirupan anjeunna mintonkeun pangajaran yen hate nu iklas tur taat ka Gusti Allah bisa jadi pangaruh hade ka jalma rea. Jalma anu samodel kieu anu kamanah ku Gusti Allah.


Ku: Bpk. N. Suherlan, S.Th.