Rohang Istri
Tari matuhna di lembur Legok Sereh, deukeut curug anu kajojo ku nu arulin lamun poe-poe pere. Loba anu daratang boh jalma- jalma anu aya di sabudeureun eta lembur, boh anu ti lembur sejen.
Eta kaayaan dimangpaatkeun ku Tari. Manehna ngawarung, dagang rupa-rupa kadaharan jeung kaperluan keur nu arulin. Hiji poe Tari keur rada salse, gek diuk, heg lalajo TV, bari nungguan warung.
Keur jongjon lalajo, kurunyung aya nu datang bari gura-gero, “Punten, Ceu, ceu Tari.” Sihoreng teh Minah.
Tari nembalan bari cengkat, “Mangga.... Aeh, geuning Minah. Rek balanja naon atuh Minah teh?”
“Bade meser gorengan, Ceu,” Minah nembalan bari nyerengeh.
“Euceu teh keur ngabandungan berita, geuning mani loba pisan kajadian anu matak pikasieuneun. Aya lini gede, aya banjir, aya kahuruan, aya nu perang, malah loba oge beja anu silih rogahala, malahan lain jeung batur, tapi jeung kulawarga sorangan,” ceuk Tari nataan beja nu dilalajoanan dina TV.
Minah ngabandungan bari sirahna unggut-unggutan bangun pogot kana beja anu ditataan ku Tari. Tuluy pokna, “Bener, Ceu, mani pikasieuneun wungkul nya beja teh.”
“Puguh eta,” ceuk Tari.
“Geus puguh ari bancang pakewuh alam mah da teu bisa disingkahan. Anu matak ketir jeung keueung mah eta anu tega ngarogahala kulawarga sorangan, bapa ka nu jadi anak, pon kitu oge sabalikna,” ceuk Minah bari ngabirigidig. “Ku naon atuh nya jelema teh pikiranana bet nepi ka kitu?”
“Tah, eta teh cingcirining loba jelema anu poekeun pikir, jadi teu ningali tincakeun nu bener, ka mana we da teu nempo, utag-atog, talag-tolog,” Tari ngeceskeun pamanggihna.
“Terus ari urang kudu kumaha atuh, Ceu?” tanya Minah bari mencrong ka Tari.
“Urang kudu bisa mere caang ka maranehna, sahenteuna ka nu deukeut heula,” tembal Tari.
“Haaaaar, ari Euceu... kumaha carana? Pan, masalah loba pisan di sakuriling bungking teh, sedengkeun abdi mah bisa naon atuh da batan sakieu pimanaeun bisa nulungan?” tanya Minah rada kerung.

“Eh, ari Minah, na teu inget kana carita dina Kitab Suci ngeunaan randa anu walurat, mere derma, meunang pamuji ti Gusti?” tanya Tari.
Minah ngahuleng sakeudeung bari ngantelkeun curukna kana tarang. Geus kitu pok nembalan, “Oh enya inget, anu dermana ngan dua peser tea, Ceu? Terus naon hubunganana jeung kaayaan ayeuna? Asa teu nyambung ah.”
“Hayu urang lenyepan geura,” tembal Tari.
Yesus nyaur murid-murid-Na tuluy sasauran, “Randa anu bieu dermana panggedena ti batur. Sabab nu sejen mah dermana lantaran duitna leuwih, ari randa nu bieu mah sanajan kacida miskinna, merena teh sakabeh kabogana, pikeun kaperluan hirupna teh diasupkeun kabeh kana ieu peti. (Markus 12:43-44).
Anu dipilampah ku eta randa teh katingalina mah lain perkara anu gede da duit anu didermakeun teh ngan dua peser, beda jeung nu sejen. Tapi ku Gusti dipuji.
“Ari nurutkeun pamikir Minah, ku naon sababna pangna dipuji teh?” tanya Tari.
Minah rada kerung, henteu buru-buru nembalan. Sanggeus ngarenghap sabaraha kali karek manehna mimiti nembalan bari semu asa-asa, “Lantaran eta randa nyerenkeun kabeh pangabogana.”
“Bener eta oge, tapi aya anu leuwih jero deui,” ceuk Tari, bari nanya deui, “ku naon sababna eta nu matak dijieun conto pikeun para murid Gusti?”
“Naon deui atuh nya, Ceu?” tembal Minah, “can kapikir ku abdi mah.”
“Anu dipeunteun ku Gusti teh kaiklasan hatena. Anu dipilampah ku eta randa ngan saeutik tapi bisa mere caang keur nu sejen,” Tari ngajelaskeun.
“Oooh, kitu,” ceuk Minah bari nyerengeh. “Tapi abdi mah masih rada bingung, asa can nyambung jeung kaayaan ayeuna.”
“Beu... ieu mah, kieu nya maksud Euceu teh. Tadi pan ceuk Minah, naon anu bisa dipilampah pikeun nulungan,” ceuk Tari, “tah, Minah bisa nulungan jalma anu aya di sabudeureun ku hal-hal leutik dibarung ku hate anu ihlas.”
Aya paribasa, kudu nganteur ka nu sieun, nyaangan ka nu poekeun. Hartina hirup teh kudu mere caang sok sanajan leutik, lantaran kiwari loba jalma anu dikukuntit ku kasieun.
“Urang kudu nulungan sangkan batur caang pikirna, ulah nepi ka sasab lampahna,” ceuk Tari.
“Siap, Ceu, rada caang ayeuna mah uteuk teh, da tadi mah sugan teh patalina jeung derma wungkul,” ceuk Minah, “ari sihoreng teh kaiklasan kana naon anu dipilampah ku urang sangkan bisa nuyun batur.”
“Sukur atuh ari kaharti mah,” ceuk Tari.
“Atuh, Ceu, tambahan ku kajujuran jeung tatakrama nu hade ongkoh nya? Pan ka lembur urang ayeuna mah sok loba semah nu arulin ka Curug,” ceuk Minah.
“Bener pisan, satuju,” ceuk Tari.
“Aeh... teu karasa geuning waktu teh, Ceu,” ceuk Minah, “nuhun pisan kana panggeuingna. Euceu oge tos jadi caang pikeun abdi, nu tadi poekeun ayeuna mah tos caang yeuh pikiran teh.”
“Sami-sami, hayu urang pada-pada jadi caang keur balarea,” Tari mungkas obrolan. Geus kitu Minah ngaleos bari mawa hate anu guligah tur gilig pikir.
Ku: Saidah