NU NGORA NU NYAANGAN

Mitra Muda

NU NGORA NU NYAANGAN


Kacaritakeun di hiji lembur aya hiji nonoman, ngarana Tata. Ari ngaran lengkepna Tata Barata. Malum urang Sunda mah resep murwakanti atawa nyebutkeun kecap nu padeukeut sorana.

Ku tatanggana sok dilandi Jang Tata pedah budak lalaki, cenah. Ti leuleutik Jang Tata dipikawanoh salaku budak nu pinter, calakan sarta leuwih dewasa batan budak sapantaranana.

“Eta teh ngala ka bapana anu memang guru Sakola Dasar,” ceuk salasaurang warga di eta lembur. “Ceuk paribasa mah uyah tara tees ka luhur atawa buah murag moal jauh tina tangkalna.”

Jang Tata sikepna leuwih sawawa, sarta leuwih pinter dibandingkeun jeung nonoman sejen di lemburna. Kitu nu matak manehna sering dipercaya pikeun ngokolakeun acara- acara di lemburna.

Ti mimiti acara agustusan, kariaan di lembur, nepi ka kagiatan-kagiatan di jamaah sok dipercayakeun ka Jang Tata. Padahal mah rata-rata panitiana teh bapa-bapa atawa ibu- ibu anu tangtu leuwih kolot ti manehna. Tapi sakapeung Jang Tata teu ngarasa bungah lamun dipercaya atawa diajakan jadi panitia dina hiji kagiatan.

“Lain pedah ngarasa adigung atawa sombong,” ceuk Jang Tata ka pa RT. “Tapi abdi mah sok asa disapirakeun, Pa, upami ceuk barudak ayeuna mah dianggap remeh.”

Pernah dina hiji acara, Jang Tata ngusulkeun ideu anyar keur ngolah hiji acara. Tapi dicawad ku Pa Badru, pokna, “Eta mah sarua jeung ngaruksak tradisi anu geus lumangsung ti taun ka taun di ieu lembur.” Padahal Pa Badru teh tatanggana sorangan. Anjeunna teh bapana Cep Beben, nyaeta sobat Jang Tata ti leuleutik, anu sok

dibanding-bandingkeun jeung manehna. “Maneh mah kokolot begog, ceuk basa Indonesiana mah sok tahu,” ceuk Pa Badru mani sompral ka Jang Tata dina hiji rapat, lantaran Jang Tata ngusulkeun ideu anyar. “Budak ngora mah moal apal nanaon, miskin

elmu, heureut pangalaman.”
Padahal ari maksud Jang Tata mah lain

rek ngaruksak tradisi, tapi rek mere inovasi supaya eta acara teh leuwih pikaresepeun. Jang Tata geus nalungtik kabiasaan sarta tradisi di lemburna. Manehna ngarasa aya sababaraha bagean tina eta acara anu teu luyu sarta geus teu nyambung deui jeung jaman ayeuna.

Jang Tata embung disebut doraka lantaran ngalawan ka nu kolot. Tungtungna manehna milih ngelehan.

Padahal harita loba oge warga lian nu ngabelaan, “Ieu mah ideu alus sarta inovatif.”

Ti semet harita Jang Tata rada milih- milih lamun rek usul lantaran ngarasa hoream, bisi disapirakeun deui. Tapi aya hiji jalma anu sok merhatikeun lalampahan Jang Tata, nyaeta Uwa Usup, salasahiji tokoh masarakat di eta lembur.

Uwa Usup ngarasa kagagas ku ideu- ideu sarta inovasi ti Jang Tata. Tapi ayeuna ku Uwa Usup katempo yen Jang Tata rada ngorot sumangetna. Hiji waktu Uwa Usup nepungan Jang Tata, rek mere sumanget supaya aktip deui siga biasana.

“Aya naon ieu teh, Wa?” tanya Jang Tata anu ngarasa reuwas lantaran ngadak- ngadak kaanjangan ku tokoh masarakat nu dipihormat ku sarerea.

“Duh, asa rareuwas kuring mah,” ceuk Pa Abun, bapana Jang Tata.

“Aahh...kalem we atuh,” ceuk Uwa Usup bari imut.

Tuluy maranehna ngobrol ngaler ngidul malapah gedang. Sanggeus katempona Jang Tata jeung bapana geus biasa deui, kakara Uwa Usup nyaritakeun tujuanana datang ka dinya.

“Baheula, basa datang ka dieu, Uwa mah ngora keneh,” ceuk Uwa Usup. “Ieu lembur teh mani watir... sok disebut nagara beling.”

“Euleuh...,” ceuk Jang Tata mani ngagebeg.

“Pendidikan wargana watir pisan,” ceuk Uwa Usup, “sarta rata-rata marariskin.”

Harita Uwa Usup teh hiji nonoman urang kota nu teu ngahaja datang ka eta lembur. Lantaran ngarasa karunya ku kaayaan, ahirna Uwa Usup milih ngabdikeun diri pikeun ngawangun eta lembur dina widang pendidikan. Anjeunna ngalatih warga sangkan bisa ningkatkeun darajat hirupna.

“Najan harita loba nu nyapirakeun, malah preman kampung mah sok ngagaranggu sabab ngarewaeun ka Uwa,” ceuk Uwa Usup, “tapi Uwa tetep leukeun ngalaksanakeun niat Uwa.”

Singket carita eta lembur teh bisa maju cara ayeuna lantaran Uwa Usup dedikasi nu luar biasa. Dina ahir nyarita Uwa Usup nekenkeun supaya Jang Tata ulah eleh ku kaayaan, sarta ulah daek disapirakeun lantaran ngora keneh.

“Urang teh lir ibarat caang leutik di tengah tempat nu poek,” ceuk Uwa Usup. “Kalah kumaha leutikna caang, moal bisa dikawasaan ku poek. Sabalikna caang bakal bisa ngahibaran tempat nu poek,” ceuk Uwa Usup ngahatean ka Jang Tata.

Pa Abun oge nitip pesen ka Jang Tata, “Gunakeun kapinteran sarta kamampuh hidep pikeun nyaangan saha wae nu poekeun.”

Harita teh naon anu ditepikeun ku Uwa Usup kitu deui ku bapana teh keuna pisan ka Jang Tata. Sumangetna ngagedur deui.

Ayeuna Jang Tata teu sieun deui dina nepikeun ideu-ideuna. Dibarengan ku nasehat ti Uwa Usup jeung bapana sorangan, Jang Tata jadi leuwih sawawa.

Heg ideu Jang Tata dipake kalawan pangrojong para tokoh lembur sarta masarakat nu lianna. Kariaan di eta lembur lumangsung kalayan sukses, rame pisan sarta loba jalma nu kataji ku inovasi dina eta acara.

Nepi ka Pa Lurah mah ngarasa reueus pisan sarta eta lembur teh dijadikeun lembur percontohanpikeunlembur-lemburlianna.Pa Badru nu harita nyawad tea, ayeuna kaeraan sabab nyatana budak ngora nu disapirakeun teh geuning bisa nyeungitan ngaran lemburna.

“Geus atuh Jang Tata urang angkat jadi ketua Karang Taruna di ieu lembur,”

ceuk Pa RW harita, “pek latih tah nonoman di dieu sangkan loba pangabisa, rupa-rupa kaparigelan.”

Saterusna loba masarakat nu ngarasa kataji lantaran ayeuna nonoman di eta lembur teh jadi leuwih maju sarta bisa diandelkeun pikeun ngokolakeun kagiatan-kagiatan di eta lembur. Pa Badru tungtungna sadar, yen barudak ayeuna teu bisa disapirakeun.

‘Geus waktuna keur nu ngarora pikeun nyaangan lembur,’ kitu gerentes hatena.

“Hampura Bapa nya, Jang,” ceuk Pa Badru ka Jang Tata. “Sakalian Bapa mihape si Dadan, budak Bapa, sangkan bisa babarengan dina ngawangun lembur urang.”

Nyonto tina lalakon Uwa Usup jeung Jang Tata, urang kudu bisa nyaangan nu poekeun. Ulah sieun bakal disapirakeun lantaran sakumaha leutikna caang, poek moal bisa mareuman eta caang.

“Masing sakumaha leutik oge, hal nu bisa dipilampah ku urang, bakal gede mangpaatna pikeun dulur-dulur urang anu merlukeun,” ceuk Jang Tata ka Dadan. “Urang ulah pedah ngora tuluy beunang disapirakeun. Dina ucap, dina kalakuan, dina kanyaah, dina kapercayaan, jeung dina kamulusan hirup, urang kudu jadi tuladan ka sasama.”


Ku: Kang Dicky