Mitra Muda
Kang Eman sok ngalatih barudak maen bal. Salian ti eta, manehna oge sok ngajak barudak anu dilatihna tea sasapedahan ka nu jarauh.
Hiji mangsa, maranehna sasapedahan ka luar kota. Di tengah jalan istirahat heula.
Sabot kitu ret katempo ku kang Eman aya kebon koneng. Atuh kang Eman ngajak ngobrol ka barudak sual palsapah koneng.
“Apal koneng, teu?” tanya kang Eman ka barudak.
“Apal ari warna koneng mah,” tembal Oman bari heureuy. Nu lianna mah masih keneh baringung, rek ngajawab naon da teu apal ka mana arah pertanyaan kang Eman.
“Tuh, tangkalna,” ceuk kang Eman bari nuduhkeun ka kebon koneng.
“Ooo... eta,” ceuk barudak mani bareng.
“Asa pernah nempo,” ceuk Yaya.
“Acan pernah uing mah,” ceuk nu sejen.
Tuluy kang Eman nyaritakeun sual koneng, anu sok dipake sambara, atanapi dipake ubar oge. Koneng dina basa Latin, nyaeta curcuma domestic. Salian ti eta, koneng oge sok jadi bahan dasar pikeun kosmetik jeung tekstil.
“Dumasar kana hasil panalungtikan, Jawa Timur kalebet wilayah anu panglobana make bahan dasar koneng,” ceuk kang Eman.
“Bet bisa kitu nya?” tanya Idam.
“Dumasar kana jumlah anu dibutuhkeun ku industri pikeun jadi ubar tradisional,” tembal kang Eman.
“Paranti jajamu samodel kitu sugan nya, Kang?” tanya Yaya.
“Enya, di antarana kitu,” tembal kang Eman, tuluy ngajelaskeun deui, “koneng miboga zat anu mangpaat pikeun ubar saperti keur panyawat darah tinggi, radang ginjal, ngubaran nyeri beuteung, keur nyegerkeun awak, jeung rea-rea deui.”
Sok sanajan mindeng pisan kapanggih sarta dipake sapopoe ku urang Indonesia, nyatana numutkeun sajarah, koneng teh asalna ti India tuluy sumebar ka sakuliah dunya, nu pangutamana mah di daerah tropis. Koneng teh mindeng pisan dipake dina olahan kadaharan atawa alat-alat pikeun upacara kaagamaan di India.
“Kumaha ari di urang nu dumuk di Jawa Barat, Kang?” tanya Idam.
“Lamun di urang mah koneng tangtu teu jauh beda jeung umumna masarakat nu lian,” tembal kang Eman. “Koneng sok dipake keur sambara atawa keur ngawarnaan asakan saperti sangu koneng atawa tumpeng.”
“Ari paranti ubar, aya oge di urang, Kang?” tanya Oman.
“Dina widang kasehatan oge koneng sok dipake pikeun ubar,” tembal kang Eman, “malah di sababaraha tempat mah koneng biasa dipake keur ngubaran tatu atawa masalah tulang ku cara dibalurkeun dina babagean awak.”
“Ooo...karak apal ayeuna,” ceuk Idam.
“Lian ti eta, anu jadi ciri dina budaya Sunda mah koneng teh sok dipake oge dina upacara adat nyawer panganten,” ceuk kang Eman.
“Wah, pangantenna dikonengan, Kang?” tanya Oman bangun reuwas.
“Ih, lain kitu atuh,” tembal kang Eman sarua reuwas.
Dina upacara atawa prosesi bantayan, hususna sawer panganten, koneng dipake pikeun ngalambangkeun palsapah hirup dina waktu peupeujeuh keur panganten. Koneng ngalambangkeun kajujuran, lantaran ngaran jeung warnana sarua. Di luar jeung di jerona sarua, koneng.
“Peupeujeuh keur panganten supaya dina ngambah sagara kahirupan rumah tangga teh kudu dibarengan ku hirup jujur, ucap jeung lampah kudu sarua lir ibarat koneng tadi,” ceuk kang Eman. “Sok sanajan tara dipulungan, waktu keur diawurkeun dina sawer, koneng
tetep miboga posisi penting dina prosesi adat sawer panganten.”
“Ku naon teu dipulungan, Kang?” tanya Idam.
“Nya moal atuh, da nu dipulunganana mah duit atawa permen,” tembal kang Eman bari seuri, “ari koneng mah jang naon atuh, da lain dahareun saharita keneh.”
“Hahahaha...,” barudak jadi miluan sareuri.
“Dina kahirupan urang oge, kudu hirup lir ibarat koneng,” ceuk kang Eman, “ucap jeung lampah teu patukang tonggong.”
Jalma nu jujur pasti dipercaya sarta dipikaresep ku batur. Komo jaman kiwari mah jalma nu jujur teh kasebutna geus jadi hal anu langka. Da memang nyatana ieu teh lantaran loba jalma nu ucapna koneng tapi lampahna hideung, atawa lampahna hejo ucapna beureum.
“Urang salaku jalma nu hirup dina bebeneran kudu nyonto ‘koneng’,” ceuk kang Eman.
Lamun bener sebutkeun bae ‘enya’, lamun lain sebutkeun wae ‘henteu’. Kitu nu kacatur dina Alkitab. Ucap jeung lampah kudu luyu, henteu tojaiah. Cukup sebutkeun jeung lampahkeun kumaha wae ayana.
“Tapi da teu gampang nu kitu teh, Kang,” ceuk Idam.
“Tah, urang bisa tetep ‘konèng’, hirup panceg,” kang Eman ngajelaskeun, “dina basa ayeuna mah konsisten nu jadi koncina.”
Watek jujur sarta rea mangpaat keur sasama lir ibarat koneng, geus kuduna dipibanda ku kaom muda. Tapi lamun hirup teu jujur sarta taya mangpaatna keur sasama mah, tong boro aya mangpaatna, watekna angin-anginan, henteu panceg nyekel bebeneran, hamo bisa dipercaya ku batur.
Aya sababaraha kecap pikeun nuduhkeun warna koneng. Di antarana koneng umyang, hartina koneng pisan. Aya oge koneng saheab, hartina koneng ngora atawa semu koneng.
“Koneng umyang lir ibarat manusa anu panceg dina laku lampahna, henteu angin- anginan sarta hirupna matak pikaresepeun batur,” kang Eman ngajelaskeun, “ari koneng saheab ngalambangkeun jalma nu lampahna sok angin-anginan. Ieu bisa jadi siloka pikeun urang sangkan hirup cara koneng.”
“Jujur, loba mangpaatna, konsisten, ngarah katempo koneng umyang, matak pikabitaeun batur,” ceuk Yaya nu geus ngarti pisan.
“Hirup nu matak pikabitaeun sarta jadi berkah tangtu ngamulyakeun Pangeran nu nyiptakeun urang,” ceuk kang Eman mungkas obrolan, “kapan urang mah diciptakeun ku Gusti teh luyu jeung gambar Mantenna.”
Ku: Kang Dicky