Mitra Sepuh
Dina kahirupan sadidinten urang henteu leupas tina patali marga nu hiji sareng nu sanesna. Dina elmu sosiologi mah disebutna yen manusa teh mahluk sosial. Hartosna mahluk sosial nyaeta urang henteu tiasa leupas sareng batur.
Kahirupan urang di ieu dunya pasti aya patalina sareng batur. Upami henteu kitu pasti urang nuju aya di hiji tempat anu buni anu teu aya jalmina. Tiasa disanggemkeun urang siga nuju aya di hiji pulo anu kososng.
Pon kitu deui patali marga di kampung Mang Onyon oge teu benten tebih. Aya bae masalah anu kedah dipayunan. Sapertos dina hiji waktos Mang Onyon kasumpingan ku hiji mojang anu curhat, nuju nyarioskeun kalakuan papacanganana anu tara nyumponan jangjina.
Nyi mojang bingung ku margi papacanganana teu tiasa dipercanten. Salian ti kitu anjeunna bingung kedah kumaha nyanghareupan ka payunna.
Ari eta nyi mojang namina Cici. Papacanganana katelahna Jang Tata.
Nyi Cici jeung Jang Tata teh tos lami saling kenal, malah tos aya rarancang bade enggal-enggal tunungan terus nikah. Tapi kadieunakeun kalakuan Jang Tata jadi aneh. Cariosanana teu tiasa dicepeng. Lamun jangji pasti bae jalir. Ku kaayaan saperti kitu nyi Cici jadi galau, saterasna curhat kang Mang Onyon.
“Mang, kedah kumaha nya ari abdi?” tanya nyi Cici, “Kang Tata teh beuki dieu mah beuki teu tiasa dicepeng cariosanana.”
“Maksudna kumaha?” tanya Mang Onyon.
“Kieu, Mang, upami anjeunna nyarios tara dicumponan, sareng teu jujur weh,” tembal nyi Cici. “Padahal kapungkur mah kang Tata teh bageur, sopan, tara jalir jangji, tapi ari ayeuna bet janten kitu.” Nyi Cici nyarios ka Mang Tata bari semu dareuda.
Saparantos nguping cariosan nyi Cici, Mang Onyon imut, bari teras ngawaler, “Saleresna Nyi Cici teu kedah heran, sabab ari nu namina jalmi mah sok keuna ku owah gingsir. Komo kaayaan Jang Tata ayeuna anu tos jarang aya di lembur, damel di kota.”
“Maksudna, Mang?” tanya nyi Cici.
“Kaayaan di kota sareng di lembur urang benten pisan. Janten upami Jang Tata jadi robah, teu siga Jang Tata anu kapungkur, Nyi Cici teu kedah aneh atuh. Justru ku kaayaan ieu urang janten tiasa ningal kumaha watek Jang Tata anu saleresna,” Mang Onyon ngajelaskeun.
“Duh, nu mawi, Mang,” ceuk nyi Cici bari mikir.
Mang Onyon neraskeun deui, “Jang Tata nu kapungkur can kapangaruhan ku budaya kota anu teu sae. Ayeuna sipat jeung watek Jang Tata jadi robah.”
Padahal saleresna Jang Tata tiasa milih, mana anu kudu diconto, mana anu ulah. Rupina Jang Tata kalah ka pipiluan kana sipat anu awon. Ieu sipat sakedahna patukang tonggong jeung kahirupan Jang Tata anu baheula. Tapi ku sabab Jang Tata teu tiasa milih anu sae, tungtungna jadi ngarusak sipat anu awal.
“Rasul Paulus kantos ngawejang ka jamaah di Korinta, nyebatkeun kieu, “Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade,” ceuk Mang Onyon. “Tah, eta keuna pisan ka Jang Tata.”
“Muhun, Mang,” ceuk nyi Cici.
“Balukar tina campur gaul jeung jalma anu teu balener, sipat hade Jang Tata jadi leungit. Asalna mah bageur, sopan, tara jalir jangji. Leres kitu?” ceuk Mang Onyon malik nanya ka nyi Cici.
“Leres pisan, Mang,” tembal nyi Cici, “ayeuna mah abdi asa teu kenal ka Kang Tata teh, benten pisan sipatna sareng anu kapungkur. Ayeuna mah Kang Tata teh jadi jago ngabohong, tiasa disebatkeun jadi tukang ngawadul.”
“Tah, untung Nyi Cici sadar ti ayeuna keneh,” ceuk Mang Onyon, “cobi kumaha jadina lamun Nyi Cici geus nikah ka Jang Tata, padahal nu ayeuna mah geus lain Jang Tata anu siga baheula deui.”
“Leres, Mang,” ceuk nyi Cici.
Patali jeung sipat tukang bohong, urang teu kedah heran, sabab bapana tukang bohong teh Iblis. Iblis mah geus jago kana urusan bohong. Sagala rupa diulik ku Iblis tapi ngulikna ku cara bohong.
Geus ti dituna keneh pagawean Iblis mah ngabohong. Nu mawi mangaruhan pangiringna oge ku cara ngabohong. Henteu jarang Iblis oge mangaruhan guru-guru agama, pamingpin-pamingpin jamaah supaya terus ngabohong.
Kumah carana para guru agama jeung pamingpin jamaah ngabarohong? Ku cara ngajarkeun anu hade, tapi aranjeunna teu pernah ngalarapkeun eta pangajaran anu hade. Sabalikna anu dilampahkeunana patukang tonggong jeung anu diujarkeun ku aranjeunna.
Ceuk basa barudak ngora jaman ayeuna mah disebutna ‘Jarkonan, bisa ngajar teu bisa ngalokan.’ Ceuk basa Jawana ‘Jarkoni, iso ngajar ora iso ngelakoni.’ Urang deungeun nyebutna Nato, ‘no action talk only’.”
Jadi, si Iblis oge geus mangaruhan ka guru-guru agama jeung para pamingpin jamaah supaya pinter ngajarna, tapi lampahna patukang tonggong jeung eusi pangajaranana. Niat Iblis ngancurkeun kapercayaan jamaah geus laksana, ku cara ningali kalakuan para guru agama jeung para pamingpin jamaah anu teu bisa nyumponan eusi pangajaranana.
Jang Tata oge pasti kapangaruhan kitu, da memang tujuan si Iblis mah hayang mangaruhan supaya para panganut Gusti teu percaya deui ka guru-guru agama jeung pamingpin jamaah anu teu bisa nyumponan jeung teu cocog antara ucap jeung lampahna.
“Jang Tata ayeuna jadi tukang bohong, resep jalir jangji, pastina oge aya conto-conto kitu anu katingali ku Jang Tata,” ceuk Mang Onyon ngajelaskeun ka nyi Cici.
“Janten saterasna kumaha sikep abdi ka Kang Tata, Mang?” tanya nyi Cici.
“Ayeuna nyi Cici kedah mutuskeun naha resep dibohongan atawa resep nu jujur? Upami resep kana sipat jujur, mending ti ayeuna keneh nyi Cici balaka yen moal tiasa hirup bareng jeung jalma tukang bohong, kitu deui ka nu tukang jalir jangji,” ceuk Mang Onyon nganasehatan nyi Cici, “kitu pamadegan Mamang mah.”
Saparantos dinasehatan ku Mang Onyon mah nyi Cici jadi leuwih mantep deui, megatkeun hubungan anu leuwih jero deui ka Jang Tata. Mending kuciwa ayeuna tibatan kuciwa sanggeus kabeungkeut ku tali pernikahan.
Salam ti Juragan Anom