HIRUP JUJUR

Isuk-isuk keneh Raka jeung Damar geus ngobrol di kantin. Aranjeunna keur nyiapkeun
proposal skripsi pikeun semester hareup. Raka jeung Damar teh batur salembur,
karuliah di fakultas ekonomi, sok sering ngerjakeun tugas babarengan. Malah mah aranjeunna sok silih nalingakeun dina persiapan proposal anu kudu geura rengse.

“Rarasaan mah kakara kuliah taun
kamari, ayeuna geus rek nyieun proposal
skripsi,”

ceuk Raka bari neundeun tasna kana
meja di kantin.


“Waktu terus maju, hartina Gusti
masih nuyun urang,” ceuk Damar ka Raka.
“Eumh...enya, bener,” ceuk Raka bari
rada ngahuleng.


“Enya, kitu, urang kudu leuwih
sumanget dina ngalaksanakeun kawajiban
salaku mahasiswa, sangkan gancang lulus,
gancang meunang pagawean, jeung nulungan
kolot,” Damar negeskeun.


“Eta mah geus pasti atuh,” ceuk Raka
sorana rada mangmang.


“Eh... pan sakeudeung deui pere
natalan,” ceuk Damar. “Arek bareng balik ka
lembur, Ka?” tanyana ka Raka.


“Eumh... asa teu yakin euy, Mar,”
tembal Raka, sorana pinuh ku kahariwang.


“Naha bet teu yakin?” tanya Damar
bingung. “Ieu teh waktuna keur kumpul riung
jeung kulawarga atuh, Bro,” tembal Damar.


“Enyaa...bener, tapi...,” ceuk Raka teu
bari teu dituluykeun nyaritana.


“Tapi ku naon, Ka?” tanya Damar
panasaran.
“Kuring kudu jujur atawa henteu nya...
sual ieu?” tanya Raka bari gagaro sirah teu
ateul.


“Hirup jujur teh diperlukeun di
mamana, Ka, jeung kudu dilarapkeun dina kahirupan sapopoe,” ceuk Damar. “Sabab
lamun ti ayeuna teu diajar jujur, saterusna
moal bisa hirup jujur,” Damar negeskeun.


“Eumh... enya... bener,” ceuk Raka
panuju.


“Nu matak... sok atuh geura balaka,”
ceuk Damar beuki panasaran.


“Ieu mah salah kuring, Mar... salah
pisan,” ceuk Raka bari rek ngaleos.


“Eh... ke heula, ulah waka ka
mamana...,” ceuk Damar bari nyegah Raka
supaya ulah indit. “Aya masalah naon? Naha
teu nyarita ka kuring?” tanya Damar bangun
nu bingungeun.


“Enya, Mar, salila ieu... hasil kuliah
kuring teh kurang nyugemakeun dibandingkeun
jeung target nu geus ditangtukeun ku kolot
kuring,” tembal Raka. “Memang tujuanana
hade, tapi kanyataanana mah kalah jadi lieur
ka kuringna.”


“Oooh kitu kutan,” ceuk Damar rada
ngarti.
“Lain sual hasil kuliah wungkul,” ceuk
Raka deui

“Naon deui atuh?” tanya Damar kalah jadi bingungeun.

“Bulan kamari, kuring geus dibere duit ku kolot jang mayar kuliah... eehh kalah kapake jang urusan sejen,” tembal Raka bangun hanjakal.

“Naha karak nyarita ayeuna?” tanya Damar, “ari duitna dipake naon?”

“Emh, hampura, Mar, kuring kakara nyarita ayeuna...,” tembal Raka. “Duitna dipake modal saham, tapi kalah ditipu,” ceuk Raka bari ngaharewos.

“Raka...Raka... kawas ka saha wae atuh... pan urang teh dulur salembur, sajurusan di kampus,” ceuk Damar, “bisa ngobrol.”

“Enya... kuring teu bebeja soal ieu lantaran era, jeung bisi ngaririweuh batur ongkoh,” ceuk Raka.

“Atuh sugan we kuring bisa ngabantuan naon kitu,” ceuk Damar, “sahenteuna mah pasti didoakeun sangkan aya bongbolongan.”

“Kuring teh era ka kolot, Mar,” ceuk

Raka.

“Nya eta mah ngaranna resiko atuh, Ka,” ceuk Damar.

“Jadi ayeuna kuring kudu kumaha nya, Mar?” tanya Raka bingungeun pisan.

“Ke heula, kuring rek nganuhunkeun ka Raka anu geus jujur ka kuring,” ceuk Damar. “Teu kudu hariwang, Ka, masih aya waktu keur ngobrol ka kolot samemeh rengse semester ieu,” Damar negeskeun.

“Huuh... teu kabayang kumaha respon kolot kuring lamun dicaritakeun satarabasna,” Raka ngagerendeng.

“Koncina mah jujur, Ka,” ceuk Damar, “wayahna kudu tanggung jawab kana lalampahan sorangan, sabab nu jujur mah moal cilaka.”

“Asa can siap euy, Mar,” Damar beuki bingung.

“Arek sabaraha lila urang bisa nyumputkeun kasalahan urang ka batur?” tanya Damar. Tuluy pokna deui kalawan teges, “Komo ka kolot mah.”

“Enya... bener pisan, Mar,” ceuk Raka,

“kuring oge kitu mikirna.”

“Pan ayeuna geus tereh natalan, urang rek pere oge,” ceuk Damar. “Jung geura balik ka imah, ngobrol jujur ka kolot, tanwande bakal ngarasa tenang jeung ngemplong lamun nyarita nu sabenerna mah, yakin,” Damar nyarityana bari nepak taktak Raka.

“Heueuh ah, kuring siap... rek nyaritakeun anu sabenerna ka kolot,” ceuk Raka bangun sumanget. “Kuring arek tanggung jawab kana naon anu geus dilakonan.”

“Tah... kitu atuh ari jadi pangiring Gusti Almasih mah. Hade pisan, Ka,” ceuk Damar bari ngacungkeun dua jempol ka Raka. “Nuhun pisan nya, Mar,” ceuk Raka,

“heus ngelingan jeung mere pituduh ka kuring sangkan hirup tur nyarita jujur.”

“Kalem, Ka, pan urang teh kudu silih elingan,” ceuk Damar.

“Satuju, Mar,” ceuk Raka.

“Dina kitab Siloka oge disebutkeun sual kajujuran,” ceuk Damar.

Jalma hade ditungtun ku kajujuran. Jalma curang bakal cilaka ku curangna. (Siloka 11:3)

“Pangersa Gusti mah urang masing- masing hirup jujur, iklas, kalawan caang Mantenna,” ceuk Damar. “Hirup urang moal dikawasaan ku poek, nalika hirup urang dikawasaan ku cahya Mantenna.”

“Maksudna?” tanya Raka.

“Hirup jujur teh salasahiji conto hirup dina caang,” tembal Damar. “Sabalikna hirup curang teh conto hirup di nu poek.”